TARÉKAH
NGAWANOHKEUN KAULINAN BARUDAK LEMBUR KA SISWA SMP NEGERI 1 CISAAT
MAKALAH
Diajukeun
pikeun nyumponan pancén pangajaran Bahasa Sunda
Disusun ku :
Ajeng Adistya
|
131407012
|
Ardi Muhammad Arifin
|
131407028
|
Nizan Saepul Aziz
|
131407163
|
Salwa Tsania Nisa
|
131407212
|
IX
A
DINAS PENDIDIKAN KABUPATEN
SUKABUMI
SMP
NEGERI 1 CISAAT
Jln. Raya Cisaat No. 243 A
2016
LAMBAR
PENGESAHAN
Judul : Tarékah
Ngawanohkeun Kaulinan Barudak Lembur ka Siswa
SMP Negeri 1 Cisaat
Panyusun : Kelompok 1
Bahasa Sunda
( Ajeng A, Ardi M. Arifin, Nizan S. Aziz,
Salwa Tsania N )
Cisaat, 5 Maret 2016
Pupuhu Parpustakaan,
|
Guru Pembimbing,
|
Aan Hasanah, S.Pd
|
Sopudin, M. Pd
|
NIP : 196106021981032001
|
NIP : 197005131997021003
|
Diuninga ku
Kepala Sekolah,
Dadah Hidayat. M.Pd, M.M
NIP : 195704191980031006
PANGJAJAP
Puji sinareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Alloh SWT
lantaran barkat rahmat-Na simkuring saparakanca tiasa ngabéréskeun ieu makalah pikeun
nuntaskeun pancén pangajaran Bahasa Sunda ti Bapa Guru.
Sholawat sareng salam mugi-mugi salamina kacurah limpahkeun ka jungjunan alam
nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW, teu hilap ka kulawargina, ka para sohabatna sareng
mudah-mudahan dugi ka urang sadayana salaku
ummatna. Amin.
Salajengna, panyusun
ngahaturkeun séwu nuhun ka :
1.
Ka
Bapak Sopudin salaku guru Bahasa Sunda sakaligus guru
pabimbing anu masihan pangarah
pikeun panyusun supados panyusun leres dina ieu midamel pancén.
2.
Ka
kulawarga anu parantos ngadukung boh dina moril atawa dina matéril sarta anu
teu eureun eureun ngadoakeun demi ka berhasilana ieu pancén
3.
Ka
rerencangan kelas IXA
anu tos masihan saran kana ieu pancén sareng masihan dukungan pikeun panyusun
supados bisa beres kana ieu midamel pancén.
4.
Ka warga SMP
Negeri 1 Cisaat anu jadi sampel dina ieu panalungtikan.
5.
Sareng ka sadaya
aspek nu ngiring jabung tumalapung dina tahapan ngadamel ieu makalah.
Makalah ieu judulna nya éta “Tarékah Ngawanohkeun Kaulinan Barudak Lembur Ka Siswa SMP Negeri 1 Cisaat”. Panyajian makalah
ieu tujuanna pikeun nyumponan pancén ti
Guru Bahasa Sunda. Tujuan anu séjénna nya éta pikeun ngembangkeun kanyaho urang sangkan urang lewih apal ngenaan kaulinan barudak lembur.
Saleres-leresna makalah ieu pasti waé aya kakiranganna anu teu di sadari ku
simkuring saparakanca. Kumargi kitu simkuring saparakanca anu nyusun kana makalah
ieu nyuhunkeun kritikan sareng saran ti Bapa Guru mata pelajaran pikeun
nyampurnakeun makalah ieu pikahareupeun.
Tungtung
basa, simkuring saparakanca ngucapkeun hatur nuhun ka Bapa Guru anu parantos
ngabimbing simkuring saparakanca kana nyusunna ieu makalah. Ogé simkuring
saparakanca salaku anu nyusun ieu makalah ngaharepkeun supaya ieu makalah téh tiasa
manfaat pikeun ngalestarikeun budaya sunda
hususna ngenaan kaulinan barudak lembur di Tatar Sunda.
Sukabumi, 20 Pebruari 2016
Panyusun
DAPTAR ISI
LEMAR PANGESAHAN i
PANGJAJAP ii
DAPTAR ISI iv
BAB I BUBUKA
1.1. Kasang
Tukang 1
1.2. Rumusan
masalah 1
1.3. Tujuan Panalungtikan 2
1.4. Mangfaat Panalungtikan 2
1.5. Sistematika 3
BAB II LADASAN TEORI
2.1
Sejarah Kaulinan
Barudak Lembur 4
2.2
Mangpaat
Kaulinan Budak Lembur 4
2.3
Macem-macem
Kaulinan Budak Lembur 5
BAB III MЀTODE PANALUNGTIKAN
3.1Waktu sarta Tempat Panalungtikan 7
3.2Data jeung Sumber Data 7
3.3Cara Ngumpulkeun Data 7
3.4Instrumen panalungtikan 7
3.5Cara Ngolah Data 7
3.6Tahap Panalungtikan 8
BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN
4.1Hasil
Panalungtikan 10
4.2Bahasan 11
BAB V PANUTUP
5.1Kacindekan 12
5.2Saran 12
DAPTAR PUSTAKA 13
LAMPIRAN 1
BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang
Saméméh kaulinan komputer datang, barudak leutik di
Tatar Sunda boga rurupaning kaulinan pikeun ngeusian waktu ulin sabada diajar
atawa mantuan kolotna. Kaulinan barudak téh mangrupa kamonésan anu mindeng
dilakukeun ku barudak dina mangsa keur rineh. Aya kaulinan barudak anu
dilakukeun ku sorangan, aya kaulinan nu dilakukeun ku duaan, aya ogé kaulinan
anu kudu dilakukeun ku lobaan. Salian ti éta, aya ogé kaulinan anu husus keur
barudak awéwé, kaulinan husus barudak lalaki, jeung kaulinan anu bisa diiluan
ku barudak awéwé jeung lalaki.
Tapi mangnyaahkeun, mangrupa-rupa kaulinan barudak ieu
téh kalobaanana geus teu kaciri deui dilakonan ku barudak ayeuna. Padahal
kauninga ku urang sadaya, ari kaulinan budak lembur di Tatar Sunda mah bisa
ngajarkeun barudak hirup sauyunan, paheuheuyeuk leungeun, hirup dina
kasederhanaan jeung loba kénéh deui mangpaatna. Kacida bagjana upami barudak
jaman kiwari tiasa jeung biasa ngalakonan deui kaulinan budak lembur. Salian ti
loba mangpaatna, bisa ogé dijadikeun tarékah ngalestarikeun kabiasaan di Tatar
Sunda nu jaman kiwari mulai lalengitan.
Kusabab kitu, Makalah anu dijieun ieu baris ngabahas
ngenaan “Tarékah ngawanohkeun kaulinan barudak lembur ka siswa SMP Negeri 1
Cisaat”.
1.2 Rumusan Masalah
Rumusan masalah anu baris dibahas dina ieu Makalah nya
éta :
- Naha
barudak jaman kiwari seeur nu terang kana kaulinan barudak lembur?
- Penting
atawa henteu kaulinan barudak lembur dikanyahokeun ku barudak dijaman
kiwari?
- Naha
aya mangpaatna tina kaulinan barudak
lembur téh?
- Naon waé macem-macem kaulinan barudak lembur téh?
-
Naon waé tarékah ngawanohkeun kaulinan barudak
lembur ka siswa SMP Negeri 1 Cisaat?
1.3
Tujuan
Panalungtikan
Tujuan sacara umum diayakeunna
panalungtikan ieu téh nya éta :
1.
Pikeun
nyumponan salah sahiji pancén ujian
praktek
dina mata pelajaran basa
sunda.
2.
Pikeun nganyahokeun sajauh
mana barudak jaman ayeuna apal kana kaulinan barudak lembur
3.
Pikeun nganyahokeun mangpaat
tina kaulinan barudak lembur
4.
Pikeun ngawanohkeun kaulinan
barudak lembur ka siswa SMP Negeri 1 Cisaat
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Makalah ieu dipiharep bisa méré
mangpaat pikeun anu maca dina ngalestarikeun budaya Sunda hususna ngenaan
kaulinan barudak lembur. Mangpaat anu diharepkeun ku panyusun nya éta :
a.
Pikeun Panyusun
Pikeun nambihan
elmu ngenaan kaulinan barudak lembur anu langkung jembar, sarta Makalah
ieu bisa jadi awal pikeun ngerjakeun Makalah salajengna anu lewuih hadé.
b.
Pikeun Numaca
Pikeun nambahan pangaweruh yén jadi Nonoman téh
kudu ngajaga jeung ngamumulé budaya Sunda hususna ngenaan kaulinan barudak
lembur anu kiwari rada leungit tina kabiasaan sapopoé.
c.
Pikeun nu Ngawulang
Tiasa jadi acuan pikeun ngawanohkeun kaulinan
budak lembur ngaliwatan pangajaran Bahasa Sunda.
d.
Pikeun SMP Negeri 1 Cisaat
Makalah ieu tiasa dijadikeun sumber informasi pikeun
Makalah salajengna, mugia ogé Makalah ieu bisa dijadikeun sumbangan jeung bahan
informasi pikeun SMP Negeri 1 Cisaat.
1.5.
Sistematika
BAB I BUBUKA
1.6. Kasang
Tukang
1.7. Rumusan
masalah
1.8. Tujuan Panalungtikan
1.9. Mangfaat Panalungtikan
1.10. Sistematika
BAB II LADASAN TÉORI
2.4
Sejarah Kaulinan
Barudak Lembur
2.5
Mangpaat
Kaulinan Budak Lembur
2.6
Macem-macem
Kaulinan Budak Lembur
BAB III MЀTODE PANALUNGTIKAN
3.7Waktu sarta Tempat Panalungtikan
3.8Data jeung Sumber Data
3.9Cara Ngumpulkeun Data
3.10 Instrumén panalungtikan
3.11 Cara Ngolah Data
3.12 Tahap Panalungtikan
BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN
4.3Hasil
Panalungtikan
4.4Pédaran
BAB V PANUTUP
5.3Kacindekan
5.4Saran
BAB II
DASAR TÉORI
2.1 Sejarah Kaulinan Budak Lembur
Sateuacan kaulinan di jaman globalisasi datang jiga mangsa kiwari, barudak
lembur di Tatar Sunda boga rurupaning kaulinan pikeun ngeusian waktu ulin
sabada diajar atawa mantuan kolotna. Kaulinan barudak téh mangrupa kamonésan
anu mindeng dilakukeun ku barudak dina mangsa keur rineh. Aya kaulinan barudak
anu dilakukeun ku sorangan, aya kaulinan nu dilakukeun ku duaan, aya ogé
kaulinan anu kudu dilakukeun ku lobaan. Salian ti éta, aya ogé kaulinan anu
husus keur barudak awéwé, kaulinan husus barudak lalaki, jeung kaulinan anu
bisa diiluan ku barudak awéwé jeung lalaki. Mangrupa-rupa kaulinan barudak
lembur téh tos jadi kabiasaan turun temurun jeung biasa dilakonan dina
kahirupan sapopoé.
(https://su.wikipedia.org/wiki/Kaulinan_budak:2016:20)
2.2 Mangpaat tina Kaulinan Budak Lembur
Lamun ditengétan mah, kacida lobana mangpaat anu bisa
diala tina kaulinan barudak lembur téh. Utamana mangpaat pikeun
ngaronjatkeun pangabisa dina kahirupan sapopoéna. Salian ti éta ogé kumaha
supaya bisa hirup akur jeung dulur kitu deui jeung batur, sauyunan ka papada
jalma. Da dina waktu arulin téh lolobana mah dilakukeun lobaan jeung babaturan
ulinna.
Di antara mangpaat Kaulinan Barudak anu bisa kakoreh, nya
éta:
- Pangajaran supaya bisa
hirup sauyunan, gawe babarengan jeung babaturan. Dina
sababaraha jenis
kaulinan barudak, aya ajaran anu ngutamakeun hirup sauyunan, akur jeung
babaturan. Dina ngalaksanakeun kaulinanana kudu dibarengan ku babaturan,
teu bisa dilakukan ku sorangan. Contona waé dina nyieun sasaungan, maen
sapintrong, jujulangkétan, jeung nu lianna.
-
Ngajarkeun supaya silih
elehkeun. Teu salawasna dina ulinna barudak téh kudu gawe
babarengan dina harti silih rojong, tapi aya kaulinan barudak anu
ngajarkeun supaya kudu silih elehkeun, kudu meunang. Saperti dina ulin
pris-prisan, ucing-ucingan, dam-daman, peperangan, jeung rea-rea deui. Sok
sanajan kitu, tétap waé ari akurna mah kudu. Dina ngalaksanakeun
kaulinanna téh kudu adil, kudu nyatria, kudu satuhu kana aturan anu
dijieun saacanna ngalakukeun kaulinan. Lamun aturan ieu dirempak bisi
kapapanjangan jadi papasaeaan, anu tungtungna bisa jadi garelut.
-
Silih ajarkeun pangabisa. Dina
hal ieu, biasana anu geus bisa ngalakukeun kaulinan, osok ngajarkeun
kaulinan kanu acan bisa. Kusabab kitu, tungtungna anu acan bisa (bisa waé)
bakal ngilu bisa. Komo deui lamun dina kaulinan anu diwangun ku grup-grup.
Dina sagrup-sagrupna, budak anu geus bisa ngajarkeun cara-carana, supaya
bisa meunang ngalawan grup nu lianna.
- Pangajaran supaya silih
tulungan, tulung-tinulungan jeung papada jalma, jeung babaturan.
Saperti dina maen peperangan. Dina maen peperangan, jeung balad kudu silih
tulungan dina ngelengkeun musuh. Jeung kaulinan nu lianna.
5.
Nambahan
elmu atawa pangaweruh. Dina ngalakukeun kaulinan, anu bisa osok ngajarkeun
kaulinan ka budak anu acan bisa. Ku hal ieu, budak anu acan bisa atawa apal
jadi bisa atawa apal kana kaulinan anu bakal atawa eukeur dilakonanana.
(https://ciburuan.wordpress.com/2009/10/08/mangfaat-kaulinan-barudak/:2016:20)
2.4 Macem-macem Kaulinan Budak Lembur.
Diantara macem-macem kaulinan budak lembur téh nya éta :
1.
Anjang-anjangan kaulinan nu
niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung,
pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki
sok pirajeunan dijadikeun bapa.
2.
Bébénténgan kaulinan anu dipétakeun
ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu,
talawéngkar, jsb.
3.
Béklen kaulinan anu maké bal
béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras.
4.
Boy-boyan kaulinan anu maké
bal saukuran bal ténis pikeun malédog
5.
Talawéngkar nu ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik
terus malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus
nepikeun kabéh pamaén keuna kabalédog.
6.
Congklak kaulinan maké papan
kai dieusi kewuk.
7.
Cacaburangé kaulinan di jero
imah bari kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh barang anu dikeupeul ku
batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh, gantian jadi ucing.
8.
Cingciripit kaulinan bari
kakawihan.
9.
Damdaman kaulinan anu maké
mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak dihakan ku buah
dam batur anu jadi lawan urang.
10.
Endog-endogan kaulinan maké
leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus
gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih.
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
3.1. Waktu jeung Tempat
Panalungtikan
Panalungtikan ieu lumangung ti
mulai bulan Pebruari dugika awal bulan
Maret 2016. Ieu panalungtikan téh dilaksanakeun di SMP Negeri 1 Cisaat tepatna
aya di Jln. Raya Cisaat No. 243A, Kab. Sukabumi.
3.2. Data jeung Sumber Data
Data anu dibutuhkeun dina ieu panalungtikan nya éta ngenaan :
1. Loba henteuna barudak nu
terang kana kaulinan barudak lembur
2. Pentingna kaulinan budak
lembur dikanyahokeun ku barudak jaman
kiwari
3. Mangpaat kaulinan budak lembur
4. Macem-macem kaulinan budak
lembur
5. Cara Ngawanohkeun kaulinan
budak lembur ka barudak jaman kiwari
Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta populasi siswa SMP Negeri 1 Cisaat. Nu jadi sampelna aya 73
urang, 40 urang ti kelas 8, jeung 33 urang ti kelas 7.
3.3. Cara Ngumpulkeun Data
Dina panalugtikan ieu panyusun
ngagunakeun dua teknis nya éta studi pustaka sareng nyebarkeun angket.
3.4. Intrumen Ngumpulkeun Data
Instrumen nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta komputer, kertas,
tinta, potokopian, jeung prinan.
3.5. Cara Ngolah Data
Data nu tos dikumpulkeun dina ieu panalungtikan, diolah tur disimpulkeun
dina bentuk téori jeung tabél.
3.6. Tahapan Panalungtikan
Dina panalungtikan ieu, dibagi jadi 3 tahapan nya éta :
3.6.1. Rarancangan
1.
Nentukeun masalah
panalungtikan
2.
Pangumpulan data pikeun
studi pustaka
3.
Midamel angket
3.6.2.
Prak-prakan
1.
Ngabagikeun angket
2.
Nyusun laporan
3.6.3.
Nyusun Laporan
1.
Ngolah data hasil studi
pustaka jeung angket
2.
Nyimpulkeun hasil studi
pustaka jeung angket
3.
Nyusun laporan
4.
Ngalaporkeun kénging
panalungtikan anu dipigawé kalawan studi pustaka sarta angket di na wangun makalah
BAB IV
HASIL PANALUNGTIKAN
4.1 Hasil Panalungtikan
Saatos ngalakukeun studi pustaka,
panyusun ogé ngalakukeun
panalungtikan kalawan
ngagunakeun teknik angket. Panyusun
nyebarkeun 73
angket ka siswa anu jadi sampel
panalungtikan. Tina hasil nyebarkeun angket tanggal 25 Pebruari 2016 bisa
disimpulkeun :
NO
|
Patarosan
|
Pilihan
|
Total waleran
|
1.
|
Menurut anjeun, naha barudak jaman kiwari terang
kana kaulinan budak lembur?
|
A.
Terang, sabab sanajan aya kaulinan modern, barudak
jaman kiwari tara mopohokeun kaulinan budak
lembur.
B.
Kirang terang, sabab budak
jaman kiwari geus kapangaruhan ku jaman globalisasi.
C.
Teu terang, sabab barudak
jaman kiwari ngarasa isin lamun maenkeun kaulinan barudak lembur
|
A.
23
B.
44
C.
6
|
2.
|
Naha
penting kaulinan budak lembur di kanyahokeun ku barudak di jaman kiwari?
|
A.
Penting, sabab kaulian
barudak lembur loba pisan manfaatna.
B.
Teu penting, sabab kaulinan
barudak lembur teu loba pangaruh positifna dijaman kiwari.
C.
Penting teu penting, sabab
salian ti kudu ngajaga kaulinan
barudak lembur anu jadi budaya sunda, arurang oge ulah katinggaleun jaman.
|
A.
42
B.
3
C.
28
|
3.
|
Naha
aya mangfaatna
tina kaulinan budak lembur teh?
|
A.
Seeur pisan, tiasa ngalatih
kakompokan, ngalatih kapedulian sosial, jsb.
B.
Biasa wae, ngan saukur jang
ngeusian waktu kosong.
C.
Teu aya, ngan saukur
cacapean hungkul.
|
A. 58
B. 13
C. 2
|
4.
|
Aya sabaraha hiji macem-macem kaulinan budak lembur nu anjeun terang?
|
A.
Kurang ti lima
B.
Leuwih ti lima
C.
Leuwih ti sapuluh
|
A.
17
B.
31
C.
25
|
5.
|
Naon tarekah nu paling
efektif jang ngawanohkeun kaulinan budak lembur ka siswa SMP Negeri 1 Cisaat?
|
A.
Ngayakeun perlombaan husus
pikeun ngalestarikeun kaulinan budak lembur.
B.
Ngasupkeun kaulinan budak
lembur kana pangajaran bahasa sunda anu efektif, minimal dua minggu sakali.
C.
Diayakeunna
ekstrakulikuler(organisasi) anu sipatna ngamumule ngenaan kaulinan budak
lembur.
D.
Diayakeun festival dina
acara gelar seni anu nampilkeun ciri husus tina kaulinan budak lembur.
|
A.
47
B.
12
C.
8
D.
6
|
4.2 Pédaran
Barudak jaman kiwari, seeur pisan anu kirang terang kana kaulinan budak
lembur anu padahal éta kaulinan téh mah rupa tradisi, adat kabiasaan anu turun
temurun biasa di lakonan ku barudak hususna di tatar sunda. Ieu hal téh bisa
terjadi sabab geus datangna jaman globalisasi anu ku urang ka rasakeun teu bisa
dibendung. Loba pisan pangaruh tina datangna globalisasi, boh pangaruh
positifna, boh pangaruh negatifna.
Kaulinan budak lembur téh mangrupa salah sahiji tina kabudayaan sunda anu
geus wajib kudu dilestarikeun kaayaanana, sabab éta kaulinan téh mibanda
mangpaat anu kacida lobana. Contona, jang kasehatan, kakompakan, ngalatih
konsentrasi, ngajarkeun kudu hirup silih asih, jeung ngajarkeun yén hirup téh
kudu ngabogaan sipat sosial nu tinggi.
Loba pisan macem-macem kaulinan budak lembur nu aya di tatar sunda nu
kurang kudu diwanohkeun ka barudak jaman kiwari hususna siswa-siswi SMP Negeri
1 Cisaat sangkan kaulinan budak lembur jadi lestari. Aya sababaraha hiji tarékah
anu bisa dilakukeun ku urang sadaya sangkan Kaulinan barudak lembur bisa
dikanyahokeun ku warga SMP Negeri 1 Cisaat, diantarana nya éta :
1.
Ngamangpaatkeun classmeeting jadi ajang perlombaan anu
eusina husus
ngenaan
kaulinan budak lembur.
2. Ngasupkeun kaulinan budak
lembur kana pangajaran bahasa sunda anu
efektif,
minimal dua minggu sakali.
3. Diayakeunna
ekstrakulikuler(organisasi) anu sipatna ngamumulé ngenaan
kaulinan
budak lembur.
4. Diayakeun festival dina acara
gelar seni anu nampilkeun ciri husus tina
kaulinan
budak lembur.
BAB V
PANUTUP
5.1
Kacindekan
Jaman globalisasi emang
teu bisa dibendung, loba pisan
pangaruh positif jeung negatifna. Urang di dieu salaku nonoman sunda anu
mibanda kawajiban pikeun ngalestarikeun budaya sunda geus sakuduna ningkatkeun
pangaruh positif tina globalisasi pikeun ngamumulé budaya sunda hususna ngenaan
kaulinan budak lembur nu jaman kiwari geus jarang deui barudak nu apal kana éta kaulinan. "Dipaksa, Ka paksa, Biasa, Bisa!" kudu inget
kana ieu pribahasa. Tarékah anu ku urang bisa dilakonan dilingkungan urang
pikeun ngalestarikeun kaulinan barudak lembur kudu dipaksakeun kalaksana sangkan
mangpaat tina éta kaulinan bisa dirasakeun ku urang sadaya anu cinta pisan kana
budaya di Tatar Sunda.
5.2
Saran
Saran anu baris pengarang tepikeun dina
akhir ieu makalah, panyusun miharep sadayana anu maca atawa sadaya unsur anu
bisa ngalaksanakeun tarékah ngawanohkeun budaya sunda hususna kaulinan budak
lembur tiasa ngajelaskeun, ngajarkeun, jeung maksakeun yén ngamumulé budaya éta
kawajiban urang sadaya salaku nonoman sunda sangkan mibanda tanggung jawab
husus pikeun pentingna ngajaga budaya sunda. Salinti éta, panyusun miharep ieu makalah bisa nyebarkeun mangpaat pikeun jalma
balarea.
DAFTAR PUSTAKA
Ensiklopedia ngenaan macem-macem kaulinan budak lembur
Ensiklopedia ngenaan sajarah kaulinan budak lembur
Ensiklopedia ngenaan manfaat kaulinan budak lembur
LAMPIRAN - LAMPIRAN
ANGKET
NO
|
Patarosan
|
Pilihan
|
Contréng waleran
|
1.
|
Menurut
anjeun, naha barudak jaman kiwari terang kana kaulinan budak lembur?
|
D. Terang, sabab sanajan aya kaulinan modern, barudak
jaman kiwari tara mopohokeun kaulinan budak lembur.
E. Kirang terang, sabab budak
jaman kiwari geus kapangaruhan ku jaman globalisasi.
F. Teu terang, sabab barudak
jaman kiwari ngarasa isin lamun maenkeun kaulinan barudak lembur
|
|
2.
|
Naha penting kaulinan
budak lembur di kanyahokeun ku barudak di jaman kiwari?
|
D. Penting, sabab kaulian
barudak lembur loba pisan manfaatna.
E. Teu penting, sabab kaulinan
barudak lembur teu loba pangaruh positifna dijaman kiwari.
F. Penting teu penting, sabab
salian ti kudu ngajaga kaulinan
barudak lembur anu jadi budaya sunda, arurang oge ulah katinggaleun jaman.
|
|
3.
|
Naha aya mangfaatna tina kaulinan
budak lembur teh?
|
D. Seeur pisan, tiasa ngalatih
kakompokan, ngalatih kapedulian sosial, jsb.
E. Biasa wae, ngan saukur jang
ngeusian waktu kosong.
F. Teu aya, ngan saukur
cacapean hungkul.
|
|
4.
|
Aya sabaraha hiji
macem-macem kaulinan budak lembur nu anjeun terang?
|
D. Kurang ti lima
E.
Leuwih ti lima
F.
Leuwih ti sapuluh
|
|
5.
|
Naon tarekah nu paling efektif jang ngawanohkeun kaulinan budak lembur ka siswa SMP Negeri 1 Cisaat?
|
E. Ngayakeun perlombaan husus
pikeun ngalestarikeun kaulinan budak lembur.
F. Ngasupkeun kaulinan budak
lembur kana pangajaran bahasa sunda anu efektif, minimal dua minggu sakali.
G. Diayakeunna
ekstrakulikuler(organisasi) anu sipatna ngamumule ngenaan kaulinan budak
lembur.
H.
Diayakeun festival dina
acara gelar seni anu nampilkeun ciri husus tina kaulinan budak lembur.
|
|
DOKUMENTASI CONTOH KAULINAN BUDAK LEMBUR
BIOGRAFI PANYUSUN
Wastana Ajeng Adistya, lahir
di sukabumi dinten Rebo, kaping 18 juli 2001. Usiana sakitar 5416 poé Alamatna
Kp. Citéngkor Rt. 16 Rw.05, Kec. Cisaat, Kabupatén Sukabumi Jawa Barat,
Indonesia, Asia tenggara, Dunia, Planét Bumi, Tata Surya. Manéhna sakola di SMP Negeri 1 Cisaat . Hobina
nyanyi. Cita-citana jadi Dokter. Lahir
ti pasangan bapak Adi Trisna Hayadi sareng bu Riana Ningsih anak ka-1. Anjeunna
teu acan pernah bobogohan salama hirupna, tapi pernah bogoh ka babaraha jalmi
salahsahijina nya éta Ramli X Factor. Pas
kelas IX anjeunna pernah menangkeun lomba Sawara Necis ka-3.
Wastana Ardi Muhammad Arifin dilahirkeunna di Sukabumi
20 April 2001 tabuh 10.00 WIB dinten
kamis, alamat na di cipetir, anjeuna sakola di SMP Negeri Cisaat kelas IXA.
Usiana sakitar 123.120 jam. Anjeuna hobi ngaprak sareng rencangna, anjeuna
disakola pernah ngajabat jadi pratama putra. Lahir ti pasangan bapa Daden
sareng ibu Enah. Anjeunna pernah bobogohan jeung babaturan sakelasna nu namina
Putri Yoga. Jail, pikasebeleun, tapi pinter eta watak anu bisa ngadeskripsikeun
anjeunna.
Wastana Nizan Saepul Aziz
dilahirkeun di Sukabumi, 30 Agustus 2000. Alamatna di Kp. Gunung Jaya Rt.07
Rw.02. Hobina maen bola, cita-citana jadi tentara. Usiana sakitar 7.787.200
detik. Sakolana di SMP Negeri 1 Cisaat kelas IXA. Lahir ti pasangan bapak H.
Ius sareng bu Hj. Maryani. Kabogohna aya hiji anu béda sakola jeung anjeunna,
namina téh Any. Watakna téh jail pisan, sok ngarasa kasép, jeung rada korét
tapi sakapeung mah kadang bageur.
Salwa, biasa babaturan
sakelasna nyebut ngaran panggilanna. Ngaran kumplitna nya éta Salwa Tsania
Nisa. Anjeuna sakola di SMP Negeri 1 Cisaat kelas IXA. Alamatna di Kp.Cibatu
Kidul, Kec. Cisaat, Kabupaten Sukabumi Jawa Barat, Indonesia, Asia tenggara,
Dunia, Planet Bumi, Tata surya. Anjeunna dilahirkeun dinten Jumat kaping 15
September 2001, di Sukabumi. Pas kelas VIII, anjeunna ngajabat jadi ketua MPK
jeung ketua Paskibra sakaligus jadi KM di kelasna salami 3 tahun. Anjeuna purti
ka-2 ti pasangan bapak Ust. Dede Sofyan Tsauri sareng bu Ilah Rahmatillah
.
0 komentar: